Sony Xperia Z1 - Layar aplikasi

background image

Layar aplikasi

Layar Aplikasi, nu dibuka ku anjeun tina layar Utama, ngandung aplikasi nu geus

dipasang dina alat anjeun kitu oge sareng aplikasi nu diundeur ku anjeun.

Nempo sadaya aplikasi di layar Aplikasi

1

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

2

Sintreuk ka kenca atawa ka katuhu alayar Aplikasi.

Muka aplikasi ti layar Aplikasi

Sitreuk ka kenca atawa katuhu pikeun manggihan aplikasi, teras ketok aplikasi.

Jang neangan aplikasi tina layar Aplikasi

1

Lamun layar Aplikasi muka, ketok .

2

Tulis ngaran aplikasi nu arek diteangan ku anjeun.

Muka menu layar Aplikasi

Basa layar Aplikasi kabuka, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

17

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun mindahkeun hiji aplikasi dina layar Aplikasi

1

Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2

Pastikeun

Urutan kustom dipilih di handapeun PINTONKEUN APLIKASI.

3

Dina layar aplikasi, toel jeung tahan aplikasi nepi ka kapilih, teras sered ka lokasi

anyar.

Pikeun nambah potong kompas aplikasi ka layar Utama

1

Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2

Pastikeun

Urutan kustom dipilih di handapeun PINTONKEUN APLIKASI.

3

Dina layar Aplikasi, toel jeung tahan ikon aplikasi, teras sered ikon eta ka luhureun

layar. Layar Utama kabuka.

4

Sered ikon ka lokasi nu dipikayang di Layar Utama, teras leupaskeun ramo anjeun.

Lamun

Abjad atawa Sering dipake dipilih dina PINTONKEUN APLIKASI salain ti Urutan

kustom, Anjeun masih bisa nambahkeun potong kompas aplikasi kana Layar utama. Toel

jeung tahan ikon aplikasi nu cocog nepi ka Layar utama muka, terus sered ikon ka lokasi nu

dipikahoyong tur leupaskeun ramo Anjeun.

Pikeun nyusun aplikasi di layar Aplikasi

1

Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2

Pilih pilihan nu dipikahoyong di handapeun

PINTONKEUN APLIKASI.

Pikeun nyabut pamasangan hiji aplikasi tina layar Aplikasi

1

Pikeun muka menu layar Aplikasi, sered sisi kenca layar Aplikasi ka katuhu.

2

Ketok

BONGKAR PMSNGN. Kabeh aplikasi nu bisa dicabut pamasanganna

ditandaan ku .

3

Ketok aplikasi nu hayang dicabut pamasanganna ku Anjeun, terus ketok

OK.