Sony Xperia Z1 - Sababaraha akun pamake

background image

Sababaraha akun pamake

Alat Anjeun ngarojong sababaraha akun pamake supados pamake sejen tiasa asup

sacara papisah ka alat tur make alat eta. Sababaraha akun pamake bakal guna dina

kaayaan Anjeun sering ngabagi pake alat nu sarua jeung jelema sejen atawa

nginjeumkeun alat Anjeun sakeudeung ka jelema sejen. Pamake nu nyetel alat pang

mimitina bakal jadi pamake nu gaduh alat eta. Ngan nu boga nu bisa ngatur akun

pamake sejen. Salain ti akun nu boga, aya dua jinis akun nu beda:

Pamake Biasa: Jinis akun ieu cocog jang jelema nu osok make alat Anjeun.

Pamake Tamu: Aktipkeun pilihan akun tamu jang jelema nu ngan sakeudeung nginjeum

alat Anjeun.

Sababaraha fitur ngan sadia kanggo nu gaduh alat. Contona, ngan nu bogana nu bisa ngidinan

ngundeur tina sumber salain ti Google Play™.

51

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Ihwal akun Pamake Biasa

Lamun Anjeun nambahkeun akun Pamake Biasa, pamake eta bisa boga layar utama,

wallpaper, jeung setelan umum nu beda-beda. Pamake eta oge bakal boga akses misah

kana aplikasi tur panyimpenan memori jang payil sapertos musik jeung poto. Anjeun bisa

nambahkeun nepi ka tilu akun pamake biasa dina alat Anjeun.

Jang nambahkeun akun pamake biasa

1

Pastikeun anjeun tos asup sabage nu gaduh alat, nyaeta, pamake nu nyetel alat

pang mimitina.

2

Tina Layar utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make > Tambah nu make.

4

Ketok

OKE. Akun anyar tos dijieun.

5

Ketok

SETEL AYEUNA. Layar konci jeung ikon ngalambangkeun pamake nu

anyar ditambahkeun katembong juru luhur bagean katuhu.

6

Buka konci layar ku ngagesek ka luhur.

7

Tuturkeun pitunjuk dina layar jang nyetel akun pikeun nu make.

Dina kasus di mana jelema make akun anyar hayang nyetel akun tapi teu sadia dina waktos

ieu, anjeun tiasa ngetok

HENTEU AYEUNA dina lengkah 5. Mun nu make tos siap, anjeunna

tiasa milih

Nu make di handap Setelan jeung tingali akun anyar, nu nembongan jadi Nu make

anyar. Ketok akun jeung tuturkeun pitunjuk pikeun ngarengsekun nyetel.

Anjeun bisa oge nambahkeun akun pamake biasa tina bar status di layar mana wae. Sered

bae bar status ka handap make dua ramo terus ketok ikon pamake, terus ketok

Tambah nu

make.

Jang ngidinan pamake biasa nelepon jeung ngaSMS

1

Pastikeun Anjeun tos asup sabage nu gaduh alat.

2

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make.

4

Ketok di gigireun ngaran pamake nu cocog, terus sered geseran di gigireun

Idinan telepon jeung SMS? ka katuhu.

Jang mupus akun pamake biasa tina alat Anjeun

1

Pastikeun Anjeun tos asup sabage nu gaduh alat.

2

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

3

Teangan teras ketok

Setelan > Nu make.

4

Ketok di gigireun nami pamake nu Anjeun hoyong pupus, teras ketok

Pupus

pamake > Pupus .

Ihwal akun Pamake Tamu

Lamun aya nu hayang nginjeum alat Anjeun, Anjeun bisa ngaktipkeun akun tamu jang

manehna. Dina modeu tamu, alat Anjeun bakal hurung kawas anyar keneh jeung aplikasi

nu aya ngan aplikasi nu tos dipasang sateuacana. Lamun alat Anjeun geus rengse

diinjeum, Anjeun bisa mupus sesi pamakeanna jadi lamun aya nu nginjeum deui bakal

jiga anyar. Akun pamake tamu tos dipasang sateuacana tur teu bisa dipupus.

Jang ngeset akun pamake tamu

1

Pastikeun anjeun tos asup sabage nu gaduh alat, nyaeta, pamake nu nyetel alat

pang mimitina.

2

Tina Layar utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make > Semah.

4

Turutan pituduh dina-layar jang ngarengsekeun prosedur.

Anjeun bisa oge nyetel akun pamake tamu tina bar status di layar mana wae. Sered bae bar

status ka handap make dua ramo terus ketok ikon pamake, terus ketok

Tambah semah.

52

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Jang ngidinan pamake tamu nelepon

1

Pastikeun Anjeun tos asup sabage nu gaduh alat.

2

Tina layar Utama Anjeun, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Nu make.

4

Ketok di gigireun

Semah, terus sered geseran di gigireun Idinan nelepon ka

katuhu.

Jang mupus data sesi tamu

1

Pastikeun anjeun tos asup ka akun semah.

2

Tina Layar utama Anjeun, ketok .

3

Teangan terus ketok

Setelan > Nu make.

4

Panggihan terus ketok

Pupus semah.

5

Ketok

Pupus.

Anjeun oge tiasa mupus sesi semah ti bar status dina unggal layar salila anjeun asup ka akun

semah. Sered bae bar status ka handap make dua ramo terus ketok ikon pamake, terus ketok

Pupus semah.

Pindah antawis sababaraha akun pamake

Jang pindah antawis sababaraha akun pamake

1

Jang nempo daptar pamake, sered bar status ka handap make dua ramo, terus

ketok ikon pamake dina layar katuhu bagean luhur.

2

Ketok ikon ngalambangkeun akun pamake nu hayang dipake ku Anjeun. Layar

konci pikeun akun pamake ieu nembongan.

Lamun Anjeun hayang pindah kana akun tamu, ketok

Mimitian deui lamun Anjeun hoyong

mupus sesi samemehna atawa ketok

Enya, teruskeun jang neruskeun sesi samemehna.

Unggal nu make tiasa nyetel layar konci masing-masing. Tempo

Konci layar

di halaman 45 .

Setelan jang sababaraha akun pamake

Aya tilu jinis setelan nu beda dina alat nu gaduh sababaraha pamake:

Setelan nu bisa dirobah ku pamake mana wae tur bisa mangaruhan kabeh pamake.

Contona kaasup basa, Wi-Fi®, Modeu pesawat, NFC jeung Bluetooth®.

Setelan nu ngan mangaruhan hiji akun pamake. Contona kaasup nyingkronkeun data

otomatis, konci layar, nambahkeun sababaraha akun, jeung wallpaper.

Setelan nu ngan katingali ku nu boga na jeung bisa mangaruhan kabeh pamake,

contona, setelan VPN.

53

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.